Home » » Makna Kalimat Toyibah

Makna Kalimat Toyibah

Jalma anu bakal salamet tina karuguian anu abadi, dimana iman ka Allah SWT sareng amal sholeh, nu disebut amal sholeh nyaeta amalna anu lulus netepan kana aturan agama. Nu amal sholeh eta jalma anu ngamalkeun kana kalimah toyyibah, nyaeta : Dikawitan ku ngayakinkeun yen sagala perkara murni tapak damel Allah SWT, khususna nu patali jeung diri, kaayaan waktu sareng tingkah barina kedah ngucapkeun لااله الاالله لا موجودالاالله. . Ngayakinkeun teu aya anu haq disembah salianti dzat Allah, sarta kajadian nu karandapan dijadikeun bakti ka Allah SWT bari ikrar letahna لااله الاالله لامعبود لاالله. Ngayakinkeun yen teu aya anu haq digugu parentahna sareng ditinggalkeun larangannana balik ngusahakeun supaya amalna murni karana parentah Allah atawa netepan akur sareng ajaran Allah SWT, bari ikrar letahna ku lafadلااله الاالله لا مطلوب الاالله . Ngaikhlaskeun amalna wungkul tujuan hoyong karidhoan ti Allah Subhanahu wata’alaa. Tur ikrar ku ngucapkeun لااله الاالله لا مقصود الاالله . Lamun tos lempeng hatena kana anu 4 eta prak ngawitan bari menta tulung ka Allah tur pasrah kana papasten kaputusan Allah SWT.

0 comments:

Post a Comment