Home » » NADZOM SYAHADATAIN

NADZOM SYAHADATAIN

Syahadat dua bagian
Kahiji Syahadat syar’an
Kadua Syahadat Munjin
Kade kudu telik pisan,
Ta’rifna Syahadat Syar’an
Kadar-kadar nu ngucapkeun
Kalimah Syahadataen
Henteu nilik patekadan,
Manfaat Syahadat Syar’an
Bisa disebut mu’minin
Mungguh hukum kadunyaan
Kaya halal peupeuncitan,
Halal ditikahkeunana
Ka jalma anu Islamna
Jeung halal nampa warisna
Ti jalma anu Islamna,
Ari mungguhing Allahna
Jeung mungguhing akheratna
Kudu terus jeung munjina
Engke penjelasanana,
Kanjeng nabi tos nyaurkeun
Anjeun kudu ngahukuman
Ku dzohirna caritaan
Jeung dzohirna kalakuan,
Jeung teu kudu ngahukuman
Nu dina hate disimpen
Da taya nu uningaeun
Salian ti Dzat pangeran,
Lamun dzohir kalakuan
Atawa dzohir ucapan
Aya anu ngabatalkeun
Nu disebut pamurtadan,
Batal Syahadat Syar’anna
Sanajan ngucapkeunana
Kana kecap Syahadatna
Laku ucap nu murtadna,
Kaya asup ka gareja
Dibarengan ku ngahaja
Atawa nyembah berhala
Kaya patung nu baheula,
Ta’rifna syahadat munjin
Eta jalma nu ngucapkeun
Kalimah Syahadataen
Dibarengan patekadan,
Teqad anu ma’rifatna
Jeung teqad anu Tashdeqna
Netepan kana syaratna
Ma’rifat reujeung Tashdeqna,
Ari syahadat ma’rifatna
Kudu kumpul nu opatna
Kahiji teqad jazimna
Pateqadan nu yaqinna,
Lain teqad nu raguna
Atawa dugaanana
Anu teu aya mangmangna
Tapi gilig jeung yaqinna,
Ari syarat kaduana
Teu keuna owahgingsirna
Moal barobah teqadna
Hingga dugi ka maotna,
Lamun neqadkeun ayeuna
Sabot usum jeung baturna
Jaga mah kumaha engkena
Mumkin teqad rek robahna,
Kafirna teh ti ayeuna
Da arek owah gingsirna
Henteu jadi ma’rifatna
Mungguhing Gusti Allah-na,
Syarat anu katiluna
Anu diteqadkeunana
Kudu akur jeung buktina
Henteu nyalahan sifatna,
Sifat ceuk Ahli Sunnahna
Nu aya Quran Hadistna
Teu salah metakeunana
Akur reujeung ‘Aqo’odna,
Margi kitu diwajibkeun
Nu hayang Syahadat Munjin
Nyaho kana ‘Aqo’id Iman
Bisis jeung ‘Aqo’id nyalahan,
Lamun jazim jeung teqadna
Yen Allah Pangeranana
Yen Muhammad teh Rosulna
Ngan teu akur jeung buktina,
Allah nu nyurup na badan
Bumi langit panyurupan
Di dinya Allah nyicingan
Atawana dihijikeun,
Eta teqad nyulayaan
Reujeung buktina Pangeran
Da Allah henteu butuheun
Kana tempat pingancikeun,
Nu kitu salah teqadna
Henteu akur jeung buktina
Henteu sah Iman Islamna
Mungguhing Gusti Allahna,
Syarat anu kaopatna
Kudu terang kana dalilna
Anu teu terang dalilna
Eta teu sah ma’rifatna,
Ari ceuk Ibnu ‘Arobiy
Jeung pendapat Syeh Sanusi
Anapon ceuk Syeh Dasuki
Taya dalil Ma’rifat jadi,
Dalil kadar kawajiban
Lain syarat kama’rifatan
Pikeun jalma nu kadugaeun
Kana dalilna mikirkeun,
Kadua Syahadat Munjin
Kudu tashdeq nu ngucapkeun
Tashdeq aya dua rukun
Kahiji rukun Idz Dzi’an,
Idz Dzi’an eta ngakukeun
Ka Allah kuring mangeran
Ku Muhammad dinabian
Muhammad teh Rosul kuring,
Rukun tashdeq kaduana
Nyaeta kukdu Qobulna
Narima ajaranana
Ti Allah jeung ti Rosul-Na,
Mun can bisa ngalakonan
Tapi hate mah nampanan
Rumaos kalelepatan
Eta qobul sahna Iman.

0 comments:

Post a Comment