Home » » ISTIGHOSAH

ISTIGHOSAH



ياأرحم الراحمين ۰۞۰ ياأرحم الراحمين
ياأرحم الراحمين ۰۞۰ فرج علی المسلمين

He Dzat Anu Welas Asih
He Dzat Anu Welas Asih
Mugi Gusti ngalenglangkeun
Kabingung ummat muslimin

ياربنا ياگريم ۰۞۰ ياربنا يارحيم
أنت الجواد الحليم ۰۞۰ وأنت نعم المعين

Nun Gusti abdi sadaya
Nu kagungan sifat Rohim
Anu Bageur Anu Asih
Pangsaena Nu Nulungan

وليس نرجو سواك ۰۞۰ فادرك إلهي دراك
قبل الفنا والهلاك ۰۞۰ يعم دنيا ودين

Abdi henteu ngarep-ngarep
Kalianti Dzat Pangeran
Mugi enggal ditepangkeun
Sareng karaton Pangeran

Memeh ruksak alam dunya
Karuksakan alam dunya
Jeung karuksakan agama
Di dunya ku kadoliman

ومالنا ربنا ۰۞۰ سواك ياحسبنا
ياذاالعلا والغنی ۰۞۰ وياقوي يامتين

Teu aya panyalindungan
Salianti Dzat Pangeran
He Dzat Anu Sok nyukupan
Nu Kagungan Kaluhuran

He Dzat Anu Maha Beunghar
Anu teu butuh ka makhluk
Anu Gagah jeung Perkasa
Ngaruntuhkeun kakufuran

نسألك والی يقيم ۰۞۰ العدل گی نستقيم
علی هداك القويم ۰۞۰ ولا نطيع اللعين

Abdi neda kagamparan
Pamingpin anu ngadegkeun
Kana hukum kaadilan
Di dunya anu nguatan

Kana istiqomah abdi
Nyekel hidayah gamparan
Abdi bade teu nuturkeun
Ka kafir anu dibendon

ياربنا يامجيب ۰۞۰ أنت السميع القريب
ضاق الوسيع الرحيب ۰۞۰ فانظر إلی المؤمنين

Duh Pangeran Nu ngijabah
Nu ngadangu Anu caket
Kaayaan atos rupek
Ningali jalma mu’minin

نظرة تزيل العنا ۰۞۰ عنا وتدنی المنا
منا وکل الهنا ۰۞۰ نعطاه فی کل حين

Paningali nu ngilangkeun
Kana sakur kahinaan
Paningali nu ngilangkeun
Kana sakur karupekan

Nu nyaketkeun pangharepan
Dipasihan kagampangan
Anu leres ceuk gamparan
Dina saban-saban zaman

اسئلك بجاه الجدود ۰۞۰ والی يقيم الحدود
فينا ويکفی الحسود ۰۞۰ ويدفع الظالمين

Abdi neda kagamparan
Ku agungna nu taremen
Pangurus anu nangtungkeun
Ka undang-undang gamparan

Nu ngilangkeun paharaman
Anu nolak kadoliman
Hingga luhur kaadilan
Dina agama Pangeran

يزيل للنگرات ۰۞۰ يقيم للصلوات
يأمر بالصالحات ۰۞۰ محب للصالحين

Nu ngilangkeun pamungkaran
Nu ngadegkeun kana sholat
Marentah kemaslahatan
Anu cinta ka sholihin

يزيح کل الحرام ۰۞۰ يقهر کل الطغام
يعدل بين الانام ۰۞۰ ويؤمن الخالفين

Nu ngilangkeun paharaman
Anu nolak kalacutan
Adil tengah-tengah ummat
Nyalametkeun kanu sieun

رب اسقنا غيث عام ۰۞۰ نافع مبارك دوام
يدوم فی کل عام ۰۞۰ علی ممر السنين

Nun Gusti mugi nurunkeun
Kana hujan saban taun
Manfa’at sareng berkahna
Dina saban-saban taun

رب احينا شاکرين ۰۞۰ وتوفنا مسلمين
نبعث من الآمنين ۰۞۰ فی زمرة السابقين

Mugi Gusti ngahirupkeun
Ka abdi bari syukuran
Mugi Gusti ngamaotkeun
Bari mawa keislaman

Sareng mugi ngahudangkeun
Ti kubur bari Selamet
Tina siksaan Pangeran
Sareng golongan sabiqin

بجاه طه الرسول ۰۞۰ جد ربنا بالقبول
وهب لنا کل سول ۰۞۰ رب استجب لی امين

Nun Gusti mugi narima
Sareng pamugi masihan
Ku kaagungan Rosul-Na
Panyuhunkeun abdi amin

عطاك ربی جزيل ۰۞۰ وکل فعلك جميل
وفيك املنا طويل ۰۞۰ فجد علی الطامعين

Pamasihan Gusti Agung
Padamelan Gusti sae
Abdi tukang ngarep-ngarep
Mugi Gusti sing bageuran

يارب ضاق الخناق ۰۞۰ من فعل مالا يطاق
فامنن بفك الغلاق ۰۞۰ لمن بذنبه رهين

Nun Gusti seueur tarekah
Teu kiat abdi midamel
Mugi enggal dibukakeun
Lawang putuh kaislaman

واغفر لکل الذنوب ۰۞۰ واستر لکل العيوب
واکشف لکل الکروب ۰۞۰ واکف أذی المؤذيين

Nun Gusti muga ngampura
Sareng pamugi nutupan
Nun Gusti mugi lenglangkeun
Sareng pamugi ditolak

Kana sakur-sakur dosa
Kana sakur kaaeban
Tina sakur kabingungan
Pilar nu milaraan

واختم بأحسن ختام ۰۞۰ إذا دنی الإنصرام
وحان حين الحمام ۰۞۰ وزاد رشح الجبين

Nun Gusti mugi masihan
Sae dina panungtungan
Dina sakarotul maot
Husnul khotimah pasihan

ثم الصلاة والسلام ۰۞۰ علی شفيع الأنام
والآل نعم الکرام ۰۞۰ والصحب والتابعين

Terus rohmat sareng salam
Tetep kanu nyafaatan
Sareng kakulawargina
Sareng sohabat tabi’in

الحمد لله رب العالمين
و الصلاة و السلام على محمد سيد المرسلين و على اله و صحبه اجمعين

0 comments:

Post a Comment